Dina hiji mangsa, kira- kira wanci haneut moyan datang hiji awewe, can kolot kolot teuing ngan siga kolot soteh ku kahirupan, jadi kacirina leuwih kolot batan umur nu saenyana. Manehna ulak-ilik kana dagangan kuring .
Ninggali tina tangtunganana nu sahandapeun tina basajan, sigana mah moal mampu meuli dagangan kuring .
Tapi ku kuring tetep disampeurkeun bari biasa kuring nawarkeun dagangan : " mangga Teteh bade ngersakeun qurban ? mangga milih ....tiasa di tawis bade nu mana" ceuk kuring ka eta awewe
manehna nunjuk salah sahiji domba nu pang leutikna ,bari pok nyarita :" upami nu ieu sabaraha mang'?"
"Oh .. nu eta mah 2.700.000.- teh.." jawab kuring
"Harga pasna sabaraha mang?" ceuk eta awewe
"Paling tiasa 2.600.000.- mah ,Teh'....teu nyandak
ageung da emang mah " tembal kuring
"Tapi, abdi mung gaduh 2.500.000.- dipasihkeun teu ?" semu nu miharep dibikeun harga sakitu.
Kuring bingung, sabab harga sakitu mah asli modalna. tapi saterusna kuring badami jeung babaturan. Ahirna diputuskan dibikeun we harga sakitu ka eta awewe teh
Tuluy sakumaha biasa kuring nganteurkeun domba nu geus dibeuli nepi ka imahna,
Barang nepi ka Imahna .
Astaghfirullah..., ALLAHU Akbar... asa ngadaregdeg sakabeh awak ninggali kaayaan imah eta awewe.
Eta awewe teh ngan tiluan di imah na teh ,nyaeta Manehna, indungna nu geus kolot, sarta anak lalaki na nu kakara kelas 4 SD. Imah nu pantes keneh disebut saung, reyod-reyod acan sarta tincakeun ge taneuh
Teu kaciri kasur, korsi, atawa parabot nu peretek atawa barang elektronik. Nu aya ukur dipan nu di tilaman ku samak saheulay
Dina dipan aya hiji nini-nini begang keur ngagoler .
"Ma..., gugah ma... ieu abdi ngabantun naon geura ... "
"Mawa naon anaking" ...?" ceuk indungna
_Ma'......., ieu Teteh tos mangmeserkeun domba kanggo ema tea qurban, ke sakedap deui urang anteurkeun ka Masjid nya Ma...... ." ceuk eta awewe ka indung na bari pinuh ku kagumbiraan
Indung na nu geus kolot teh kacida kageteunana .tapi katara dina rindat na mah atoheun pisan, gura- giru hudang tuluy muru kaluar kana domba nu dianteurkeun ku kuring. Katinggal leumpang na ge sumanget sanajan bari jumarigjeug, sabab geus kolot ..
Satuluyna domba teh diusapan bari ngalimba pok nyarita : "Alhamdulillah anaking... akhirnya laksana oge ema milu qurban......nuhun anaking jimat awaking "
"Sami - sami Ma......."
"Eh ieu Mang ...artosna , hapunten bilih abdi nawis mirah teuing .....ma' lum we mang abdi mah sakadar kuli nyeuseuhan, ieu ge kenging kukumpul hoyong si Ema tiasa ngiringan kurban, " ceuk eta awewe
Suku asa ngadaregdeg ,engapan asa nyesek, bari nahan keclak na cimata kuring ngado'a , : Ya Alloh, mugi maparin ampunan kana dosa abdi, abdi isin papayun- payun sareng hamba Gusti nu pasti langkung mulya batan abdi, jalmi nu miskin harta namung mibanda kabeungharan iman nu pohara luar biasana.
"Mang...., ieu ongkos kirim na ." ceuk eta awewe bari ngasongkeun duit ka kuring ,
"Euuh atos!... atos teu kedah kanggo Teteh mah haratis ongkir ," tembal kuring bari baluar balieur nyumputkeun beungeut nu mimiti ngeyembeng cimata
Tuluy gura- giru kuring ngaleos
memeh eta awewe apal kana panon kuring nu mimiti baseuh alatan teu sanggup ku tegoran Alloh nu tos nepungkeun kuring sareng hamba-NA anu boga kasabaran, katabahan sarta pinuh ku keimanan boga karep hayang ngamulyakeun kolotna sok sanajan dina kaayaan ekonomi anu walurat .
Masya Allah !!
Sumber poto : sumber poto :https://www.percikaniman.org/wp-content/uploads/2022/06/P4UVUYS5C5CI5BJDVBT7BU5HHA-768x577.jpeg
Sumber : Cerita ini bersmuber dari salah satu Chat Wa teman saya.
Komentar
Posting Komentar